Sora Tarompet Taun Baru

Panon si Bungsu, katingali masih keneh carindul. Ti sore keneh, teu bisa di upahan, hantem ceurik, hayang ngilu pesta taun baru cenah, siga babaturanna ka alun-alun Bandung. Kolot saha atuh nu teu hayang nyenangkeun budak, komo mun saukur sataun sakali mah ?, tapi da ari dompet nu koredas mah teu bisa disumput-sumput. Bororaah keur ulin, dalah keur meuli beas ge ngan ukur cukup keur nepi ka poe isuk. Hantem dilelemu, jeung di olo, alhamdulillah ningan si Bungsu teh nurut. " Urang didieu we Bungsu, urang mah taun baruna ! ", ceuk uing bari nurunkeun si Bungsu tina pangdiukan sepedah. Laju si Bungsu di tuyun, dibawa nagog, cingogo hareupeun Pos Ronda di tungtung lembur. " Teu rame !, Bapa didieu mah !. teu aya nu nyengeut kembang api ! " ceuk si bungsu bari rambisak . " Apan itu ge ! kembang Api ! Bungsu !, kembang api!, nu terus hurung unggal peuting, teu pareum-pareum ! " ceuk kuring, bari ngabentikkeun curuk, ka lebah bintang nu tingkariceup di langit. " Teu rame Ah ! , kembang apina teu di sada . eta mah ! " ceuk si Bungsu, bari ceurik tarik pisan. Budak ku uing di rangkul bari di galentoran, di bawa balik ka Imah. Sapanjang jalan, budak terus ceurik kanyenyerian, sorana siga tarompet..... !, tarompet taun baru, nu sorana ngan bisa kaharti ku jalama model kuring, anu malarat !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Nur Elia Jamil: parasaben bungsu hiap ka ateuh....urang nonton spidermen 3.....yu hehe
  2. Mang Dodoy Power: emmh... meuni teug kanu hate kuring sok asa ngarandapan kadiri kuring sorangan...hiks.hiks..
  3. Sonny Bastoni: Ajak kamsjid ulah ka pos ronda sina ngadangukeun ceramah, ngarah ngarti harti taun baru,tah di alun2 cenah aya ceramah tan baruan.
  4. Ahmad Yani: @Nur Elia Jamil : Hatur Sewu nuhun ..Nun !, kalintang bingahna salira parantos luntur galih, kersa mikanyaah ka pun anak. Panghiap salira teu kinten ageung hartosna, kangge sim kuring sakulawargi !.Ayeuna teh si Bungsu nuju tibra, cape teuing rupina,balas nagis ti sonten keneh. namung inghakna mah masih keneh ka kakuping kalan-kalan. he he he he !
  5. Ahmad Yani: @Mang Dodoy Power : Heu heu heu, kieu ningan karaosna Ang !, ku jalmi nu koreh-koreh cok mah !. Kahoyong ka wengku ku kaayaan !, hatur sewu nuhun nun ! kana apresiasina !
  6. Ahmad Yani: @Kang Sonny Bastaman : He he he ... Tos niat,tadinamah si Bungsu teh, bade di candak ka mesjid Agung Cimahi. Namung Edas.. di jalan teu kinten macetna, komo deui sim uing mah mung ukur ngaboseh sapedah. Ngahaja muru Pos Ronda teh meh sepi, tebih ti nu aricalan !, sieun murangkalih ka goda hoyong nyuhunkeun sagala rupi ! he he he he he he !!!!
  7. Iwan R Jayasetiawan: Wah.Kang Ahmad Yani,bujeng-bujeng meser tarompet mayar sametan ka abdi oge heunteu hahhaaaaaaaaaaaa
  8. Iwan R Jayasetiawan: Wah.Kang Ahmad Yani,bujeng-bujeng meser tarompet mayar sametan ka abdi oge heunteu hahhaaaaaaaaaaaa
  9. Jejen Jaelani W: Har, naha da ka abdi ge gaduh sametan..... kumaha ieu teh Ang Ahmad Yani.....hehehehe....
  10. Ahmad Yani: @Kang Iwan R J : Ambuing ... aya ku tega ari si Uwa, apan ku Uwa ge katingali, Nasib Uing nuju sakieu weritna ! he he he ... Sim Uing Janji Uwa, upami pareng usum alpuket, bade di bayar !! ha ha ha ha ha haha ha !
  11. Ahmad Yani: @ Kang jejen Jaelani : hi hi hi hi hi ... nyuhunkeun sarantos, sametan ka Kang Jejen mah, bade di bayar ku .... Endog meri !, namung kedah sabar, da merina ge nuju di angon ku Kang Irman Dimyatie .... ha ha ha ha ha ha ha ha !!!